Selasa, 29 Maret 2016

Contoh Biantara Sambutan Ketua Pelaksana

Assalamu'alaikum wr.wb                          Oge teu hilap ngucap salam urang sunda: sampurasuun.... ! (Biasana dijawab hadirin ku basa sunda deui: rampes..!)            Duh....asa ku endah mun sakantenan terang hartosna, naon ari sampurasun, nya kitu deui naon ari rampes teh. Keun..eta mah bahaseun mangsa nu bakal datang. urang tataros heula.               Para wargi nu sami hadir....                          Pamugi kersa ngama'lum wireh pribados nyarios teh minangka ketua panitia, sanes agul -teu pisan2, ieu mah etang2 diajar biantara bae salaku panitia.           Langkung tipayun ngahaturkeun nuhun ka para peserta latihan. Oge sakantenan nyuhunkeun hampurana (maaf), bilihna di awal dugi ka ahir latihan teu : genah, merenah, tumaninah, jauh kana maksud jeung tujuan latihan. Kukituna oge ieu teh sami ajang latihan keur pribados oge rengrengan panitia sanesna. Hatur punten....                       Para peserta....             Ieu latihan teh nganggo tema : The winner Never Stop Trying. Pisundaeunana kira2: jalmi anu pinunjul mah teu pernah liren tina ngalaksanakeun latihan/percobianana. Boh hiji pasoalan atawa rupa2 masalah liana.      Latihan / percobian teh kadituna janten pangalaman. Apan guru anu utama teh nya eta nu kasebut pangalaman tea. Pangalaman teh milik pribadi, tur bisa maslahat pikeun anu sanes.                        The winner teh apan pinunjul, nu unggul, pemenang. Atuh pantes  bae eta nu unggul mah janten pemenang. Nu janten pinunjul mah teu pernah liren latihanana, kalayan : titen telaten, aktif kreatif, sabar teu bosenan. Maju terus pantang mundur.          Para wargi.....              Mangga urang sami2 ngalap mangfaat tina latihan ieu. Mugi janten jalan kasaean, kanaslahatan, tur kasalametan ka sadayana. Mugia Allah Swt. Masihan ridoNa kana kagiatan latihan ieu. Amiin.                  Teu kilap, ngaturkeun nuhun ka Bp, Ibu guru pembimbing anu ngaping ka ieu latihan.       Sakitu nu kapuhatur, wilujeng......             Wassalamu'alakum wr wb.