Tampilkan postingan dengan label Tugas Basa Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Tugas Basa Sunda. Tampilkan semua postingan

Minggu, 24 April 2016

CARITA PONDOK



TOBAT TEU AYA TUNGTUNGNA

Kenging: Hadi Alwani

Naon atuh harti penting nu kasebut nami ? anu tangtos nu kasebut nami téh pikeun identitas diri. Eta nami pamasihan ti sepuh mangrupikeun do’a, sangkan éta budak téh boga kalakuan anu hadé tur luyu surup reujeung ngaran nu dipakena.  Nami nu dipasihkeun ka kuring ti sepuh téh nyaéta “Saéfulloh” nu pihartieunana “Pedang Alloh”.
Kuring ti aalit diasuh ku Nini, kusabab sepuh : ibu rama tos pupus, alatan musibah karampogan. Mangsa harita taun 2003an. Nu maling teu pilih-pilih harta bandana baé, tapi gening sakalian nyawa sepuh sadayana
Mangsana sakola, ti mimiti SD kuring sok bolos di sakola, tur boga nilai anu kacida gorengna. Eta kacatet dina buku laporan loba angka anu beureum. Namung Nini mah teu apaleun, kusabab tara palire kana buku laporan. Kalakuan kitu teh kapangruhan ku batur sakola, terus nepi ka mangsa SMU, malah ilu-iluan tawuran antar pelajar sagala. Untung we teu beunang ditewak ku pulisi, sabab émut ka Nini : “Ulah sok ninggalkeun sholat”, kuring nyumput ka mushola bari terus sakalian sholat.
Ari seug dilenyepan, kunaon atuh ngaran kuring the Saefulloh alias Pedang Alloh ?, gening  karasana mun aya nu teu sapahan jeung kuring atawa batur kuring, hayang ngajorag ngabasmi bae.
Hal lain nu pun Nini teu apaleun ka kuring, nyaéta soal pergaulan. Mangsana kuring jalan-jalan sareng Nini kuring dikenal ku nu lian, boh ku sahandapeun kitu deui ku saluhureun, saha ari Saefulloh.
“Saha eta jang, meni arapaleun ka Ujang ?” saur Nini semu heran.
“Rererncangan Ni”  jawab kuring pondok.
Puguh wé kuring dikenal ku maranehna téh pédah kuring bisa ulin atawa jago dina penca silat. Meunang ngalatih almarhum Aki, cenah keur ngorana Aki téh jawara penca silat, malah meunang ajen juara nasional sagala. Kuring siga Aki jawarana mah, ngan teu miluan tanding kajuaraan bae.
Dina hiji waktu aya babaturan sakola istri, diganggu ku sababaraha urang lalaki, boa “pedékaté” atawa iseng-iseng naksir, eta lalaki téh kawilang teu sopan, dihajar ku kuring tepi ka nyerah. Tapi, teu anggeus ku kitu baé. Gening aya buntutna, kuring kudu urusan jeung guru BK di sakola. Cenah pédah eta lalaki nu dihajar ku kuring the, horéng putrana Kapala Pulisi di wilayah ieu. Kuring dicangkalak (ditéwak) di sakola, da Bapa pulisa eta mah wawuheun, apan kuring téh tukang bolos sakola jeung tawuran.
Anu ahirna kuring ditahan dijebloskeun ka panjara, minangka pembinaan ka barudak anu nakal. Tapi kuring lain papaling jeung ngarampog, haté mah hayang bela diri.
Tos saminggu lilana dipanjara, Nini sakali mah ngalayad ka kantor pulisi tempat kuring dipenjara, dalah dikumaha kuring kanyahoan gorengna. Nini kacida kagetna tur teu tarima. Saterusna duka kumaha? Kuring rumasa jadi jalma nu teu bisa mulang tarima, nu asih dipulang sengit. Ngeluk tungkul teu wani neuteup Nini bawaning ku isina.
Kuring sadar hirup cara kitu téh salah, kuring boga niat seja tobat : kalakuan kitu moal disorang deui. Rek ngamimitian ti enol deui, ngalaksanakeun sholat ngadeuheus ka nu Maha Suci, sugan masihan kénéh pangampura, oge masihan pitulungna. Nya kitu deui inget ka Nini teu weleh-weleh rék menta hampurana. Tur émut ka pangeling-ngeling bapa guru : takdir teu bisa dipungkir, qadar teu bisa disinglar, papasten nu Maha Kawasa.
Teu lami heuleut saminggu ti harita, waktuna kuring dibébaskeun di panjara, kuring balik nyorangan teu dipapag Nini. Asa béda rarasaan, warga tur tatangga, teu ngalirik sabeulah panon, teu mirosea kuring datang, siga ceuceub jeung geuleuh, mangnyerikeun ka Nini kuring. Cenah sawatara katukang sabada ngalongok ka penjara, Nini terus teu damang dirawat ka Rumah Sakit dugi ka pupusna. Inalillahi wa ina illahi rojiun. Kuring teu dibéjaan.
Kuring pakewuh teu puguh, kudu kumaha jeung saha kuring hirup, indung bapa tos teu aya, aki nini kitu deui. Ukur nyegruk nangis, cipanon teu kawadahan, sedihna kaliwat saking, hirup bener-bener kosong….. Kalayan teu sada, leos ngoloyong leumpang nuturkeun indung suku, duka kamana.
Jog ….anjog ka kuburan. Singhoreng anjog ka kuburan Nini, seja ménta hampura, sakalian ngado’a ka Alloh Swt. Pamugi Nini, Aki, ibu – rama ditampi amal sholéhna, oge ditempatkeun di tempat anu saé (surga). Amiin.
Saterusna, kuring jadi teu betah di imah. Uprak-apruk kamana-mana. hirup teu boga tujuan. Cek batur mah boa siga rada kurang waras, hirup siga galandangan.
Duka geus sabaraha lila cara kitu, kuring masih inget deui ka Nini :
“Ujang, ulah sok ninggalkeun sholat ! “.  Kuring ngarenjag bari teus istigfar. Bray…  ingetan rada eusian.
“Emh….kuring kudu sabar jeung sholat” ngomong sorangan. Bari terus anjog ka masjid seja istirahat, bari terus ngalaksanakeun sholat berjemaah.
:tapi ieu, awak leuleus, panon ranyay…..” sora kuring haroshos. Plek,….poek tetempoan, kadituna duka kumaha ?
Cenah kuring kapiuhan (pingsan) di masjid, nu mirosea kaayaan kitu the Pa Ustad DKM masjid didinya. Bari saterusna tumanya ka kuring, saha ngaran timana asal, panjang lebar pisan, teu aya nu tinggaleun. Nya kitu deui kuring ngajawab sakumaha nu ditanyakeun, teu aya nu kaliwat.
Nu ahirna kuring seja guguru ka Bapa Ustad, ti kawit soal agama, kitu deui soal kahirupan duniawi. Pa Ustad ibarat kolot pribadi.
Cukup lila guguru ngaji jeung guguru hirup di Pa Ustad téh, teu karasa tos kaitung 10 taunan. Diajar téh teu wungkul ngaji, tapi dakwah ngawakilan Pa Ustad, tur antukna bisa sorangan. Nya kitu Pa Ustad téh leukeun, telatén, sabar tur nyaah ka kuring siga ka anak sorangan.
Alhamdulillah, kiwari mangsa dewasa moal rek lunca-linci kamana karep, saperti cara mangsa katukang. Rek panceg pamadegan : seja bakti ka ibu-rama, hormat ka guru, handap asor ka sasama, tur pasrah sumerah – tumamprak ka nu Kawasa, ka Gusti nu Maha Suci, Alloh Subhanahu wa ta’ala. Bari jeung ngajalankeun parentahna, tur nyingkahan kana sagala rupi cegahanana. Amiin .


Sabtu, 05 September 2015

BIANTARA MIELING TUJUH BELAS AGUSTUS



Mieling Tujuh Belas Agustus

    Assalamualaikum Wr. Wb
      
      Alhamdulillahirrobbil’alamiin wabihisnata’in wal’umurudunya Waddin Wa’ala aliihii washohbihhi ajma’in 
  Alhamdulillah wasukurillah, puji sinareng sukur urang sanggakeun ka gusti Allah SWT anu parantos masihan kasempetan kaurang sadaya kanggo ngariung di tempat iyeu . solawat sinareng sallam mugia di lungsur langsarkeun ka Junjungan Alam kanjeng Nabi Muhammad SAW, sareng ka kulawargina, sohabatna, tabi'in Tabiatna sareng teu hilap deui ka urang sadayana nu Insya Allah kenging Syafaat di Yaumul Qiyamah Aamiin                                                                                                                                                          
   Ngadegna sim kuring didieu dina waktos ieu di payunen bapak guru, sareng réréncangan badé ngaguarkeun téma ieu biantara anu judulna 17 Agustus nu ka 70. Nembe saababaraha dinten kapengker, sasih Agustus parantos kalangkng.tangtos ditiap sasih Agustus, tepatna kaping tujuh belasna, pikeun urang bangsa Indonesia, kaping eta teh dipieling Hari Kemerdekaan Indonesia.
     
     Ti kawit nu dilaksanakeun di istana naragara, dugi katingkat propinsi, kabupaten, oge kacamatan: rame tur serempak, di wilayahna sewang-sewangan. Dihadiran ku sadayana kalangan, ti kawit: kapala (pupuhu), dugi ka bawahanana, birokrat, aparat, tokoh masyarakat, tokoh adat, pamuda/pamudi, guru, mahasiswa, pelajar, campur ngahiji ngiring upacara tujuh belas Agustusan.
     
    Naon atuh ngaalantarkekun janten mahnit,dugi ka tiasa hidmatdina ngalaksanaken upacara tujuh belas agustusan teh. Anu tangtos mah urang sadaya mihurmat, masihan ajen ka para pajuang, sareng pahlawanna. Kusabab anjeuna , kusabab jasa para pajuang, Indonesia  tiasa merdeka, anu kiwari tos dipieling anu ka 70.
     
     Para Wargi.........
    Ayeuna patarosan (pertanyaan) : Saha ari para pejuang teh, saha ari para pahlawan teh?. Waleranana (jawabanya) saha wae, ti sagala pihak anu memang bajuang (berjuang), tina widangna masing-masing pikeun Kamerdekaan Nagrina (negaranya) INDONESIA. “Heug nyawa-kadieukeun kamerdekaan”. Tegesna nu gaduh tekad kuat: merdeka atau mati
   
    Diantawisna, kasebat-sebat tokoh politik oge plokamator: Ir. Soekarno, Dr. Mohammad Hatta, anu dirojong (didukung) ku tokoh-tokoh di tiap-tiap daerah, utamana pamuda/pamudi, tentara (TNI), teu Ngawujudkeun hiji tujuan, nyaeta Indonesia Merdeka.
      
    Saderek sadaya.....
    
    Naon ari merdeka teh?
    Merdeka teh saurna BEBAS.
     Bebas naon-nana? Mun diwincik diwiji-wiji, geuning seueur pihartoseunana, gumantung kana persepsina bae.
   Cobi mangga tingali teks Proklamasi Kamerdekaan Indonesia :
  
  Kami bangsa Indonesia dengan ini menyatakan kemerdekaan Indonesia, hal-hal yang mengenain pemindahan kekuasaan dan lain-lain, dilaksanakandengan cara seksama dan dalam tempo yang sesingkat-singkatnya.
Jakarta, 17 agustus 1945
Atas nama bangsa Indonesia
Soekarno-Hatta
  
    Nu dimaksud Merdeka dilihur bieu mah, hasil para pahlawan teh nya eta merdeka tina hal kadaulatan bangsa jeung nagara Indonesia ti penjajah nagara asing. Secara politk, urang ngagaduhan wilayah nagara, ngagaduhan pamarentah,  tur diakui ku nagara-nagara sanes di dunia. Jadi weh kasebut merdeka.
    
    Para wargi.....
    
    Tapi, naha gening mieling Proklamasi kamerdekaan teh hidmatna ngan ukur di tempat upacara bae?
    
    Salajengna mah gening seueur dieusi ku hiburan, oge lomba-lomba tradisional, saperti : naek pecung, lomba balap bakiak, lomba emam kurupuk, balap kaleci dina sendok, balap karung, jeung sajabana. Naha eta ge tiasa dilebetkeun ngareuah-reuah 17 Agustusan deuih?
    
    Boa-boa merdeka kaleungitan makna? Upami enya kitu, apan teu nyambung dibandingkeun sareng para pahlawan bajuang sehidup semati, ayeuna ukur dieusi ku hiburan, tur jadi kaulinan nu pikaseurieun?
   
   Ku rupi patarosan kitu, asa dipibuutuh jejer anu angger, tur keker, sangkan bisa ajeg tur panceg,teu nyimpang, kana maksad mieling kamerdekaan tadi tea. Tapi, sakali deui saha anu kedah janten jejer teh?
    
    Wargi sadaya.
     
    Aceh......  apan urang sarerea masih gaduh keneh pahlawan,sok sanaos kasebat pahlawan tanpa jasa, nya eta Bapa sareng Ibu Guru. Tah... ieu pisan anu janten jejer teh.
   Atuh urang salaku pelajarna, piraku kudu minculak, ngarasula, teu ngagugu-teu niru ka Bapa jeung ka Ibu guru. Apan guru teh kedah digugu sareng ditiru.

    Kanggo ngeusi kamerdekaan pikeun pelajar mah, kedah tetep soson-soson milari elmu. Saur sepuh : milari elmu teh wajib hukumna, ti kawit lahir dugi ka bade maotna. Oge hiji perkara dipasihkeun ka sanes ahlina, antosan weh ancur-leburna.
    
      Ku kituna, kirang langkungna, nyuhunkeun dihapunten, sakitu nu kapihatur.
    
Wassalamu’alaikum wr. wb.

Nama: Hadi Alwani
Kelas X Mipa 6 SMA Negeri 1 Subang