Tampilkan postingan dengan label Basa Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Basa Sunda. Tampilkan semua postingan

Minggu, 24 April 2016

CARITA PONDOK



TOBAT TEU AYA TUNGTUNGNA

Kenging: Hadi Alwani

Naon atuh harti penting nu kasebut nami ? anu tangtos nu kasebut nami téh pikeun identitas diri. Eta nami pamasihan ti sepuh mangrupikeun do’a, sangkan éta budak téh boga kalakuan anu hadé tur luyu surup reujeung ngaran nu dipakena.  Nami nu dipasihkeun ka kuring ti sepuh téh nyaéta “Saéfulloh” nu pihartieunana “Pedang Alloh”.
Kuring ti aalit diasuh ku Nini, kusabab sepuh : ibu rama tos pupus, alatan musibah karampogan. Mangsa harita taun 2003an. Nu maling teu pilih-pilih harta bandana baé, tapi gening sakalian nyawa sepuh sadayana
Mangsana sakola, ti mimiti SD kuring sok bolos di sakola, tur boga nilai anu kacida gorengna. Eta kacatet dina buku laporan loba angka anu beureum. Namung Nini mah teu apaleun, kusabab tara palire kana buku laporan. Kalakuan kitu teh kapangruhan ku batur sakola, terus nepi ka mangsa SMU, malah ilu-iluan tawuran antar pelajar sagala. Untung we teu beunang ditewak ku pulisi, sabab émut ka Nini : “Ulah sok ninggalkeun sholat”, kuring nyumput ka mushola bari terus sakalian sholat.
Ari seug dilenyepan, kunaon atuh ngaran kuring the Saefulloh alias Pedang Alloh ?, gening  karasana mun aya nu teu sapahan jeung kuring atawa batur kuring, hayang ngajorag ngabasmi bae.
Hal lain nu pun Nini teu apaleun ka kuring, nyaéta soal pergaulan. Mangsana kuring jalan-jalan sareng Nini kuring dikenal ku nu lian, boh ku sahandapeun kitu deui ku saluhureun, saha ari Saefulloh.
“Saha eta jang, meni arapaleun ka Ujang ?” saur Nini semu heran.
“Rererncangan Ni”  jawab kuring pondok.
Puguh wé kuring dikenal ku maranehna téh pédah kuring bisa ulin atawa jago dina penca silat. Meunang ngalatih almarhum Aki, cenah keur ngorana Aki téh jawara penca silat, malah meunang ajen juara nasional sagala. Kuring siga Aki jawarana mah, ngan teu miluan tanding kajuaraan bae.
Dina hiji waktu aya babaturan sakola istri, diganggu ku sababaraha urang lalaki, boa “pedékaté” atawa iseng-iseng naksir, eta lalaki téh kawilang teu sopan, dihajar ku kuring tepi ka nyerah. Tapi, teu anggeus ku kitu baé. Gening aya buntutna, kuring kudu urusan jeung guru BK di sakola. Cenah pédah eta lalaki nu dihajar ku kuring the, horéng putrana Kapala Pulisi di wilayah ieu. Kuring dicangkalak (ditéwak) di sakola, da Bapa pulisa eta mah wawuheun, apan kuring téh tukang bolos sakola jeung tawuran.
Anu ahirna kuring ditahan dijebloskeun ka panjara, minangka pembinaan ka barudak anu nakal. Tapi kuring lain papaling jeung ngarampog, haté mah hayang bela diri.
Tos saminggu lilana dipanjara, Nini sakali mah ngalayad ka kantor pulisi tempat kuring dipenjara, dalah dikumaha kuring kanyahoan gorengna. Nini kacida kagetna tur teu tarima. Saterusna duka kumaha? Kuring rumasa jadi jalma nu teu bisa mulang tarima, nu asih dipulang sengit. Ngeluk tungkul teu wani neuteup Nini bawaning ku isina.
Kuring sadar hirup cara kitu téh salah, kuring boga niat seja tobat : kalakuan kitu moal disorang deui. Rek ngamimitian ti enol deui, ngalaksanakeun sholat ngadeuheus ka nu Maha Suci, sugan masihan kénéh pangampura, oge masihan pitulungna. Nya kitu deui inget ka Nini teu weleh-weleh rék menta hampurana. Tur émut ka pangeling-ngeling bapa guru : takdir teu bisa dipungkir, qadar teu bisa disinglar, papasten nu Maha Kawasa.
Teu lami heuleut saminggu ti harita, waktuna kuring dibébaskeun di panjara, kuring balik nyorangan teu dipapag Nini. Asa béda rarasaan, warga tur tatangga, teu ngalirik sabeulah panon, teu mirosea kuring datang, siga ceuceub jeung geuleuh, mangnyerikeun ka Nini kuring. Cenah sawatara katukang sabada ngalongok ka penjara, Nini terus teu damang dirawat ka Rumah Sakit dugi ka pupusna. Inalillahi wa ina illahi rojiun. Kuring teu dibéjaan.
Kuring pakewuh teu puguh, kudu kumaha jeung saha kuring hirup, indung bapa tos teu aya, aki nini kitu deui. Ukur nyegruk nangis, cipanon teu kawadahan, sedihna kaliwat saking, hirup bener-bener kosong….. Kalayan teu sada, leos ngoloyong leumpang nuturkeun indung suku, duka kamana.
Jog ….anjog ka kuburan. Singhoreng anjog ka kuburan Nini, seja ménta hampura, sakalian ngado’a ka Alloh Swt. Pamugi Nini, Aki, ibu – rama ditampi amal sholéhna, oge ditempatkeun di tempat anu saé (surga). Amiin.
Saterusna, kuring jadi teu betah di imah. Uprak-apruk kamana-mana. hirup teu boga tujuan. Cek batur mah boa siga rada kurang waras, hirup siga galandangan.
Duka geus sabaraha lila cara kitu, kuring masih inget deui ka Nini :
“Ujang, ulah sok ninggalkeun sholat ! “.  Kuring ngarenjag bari teus istigfar. Bray…  ingetan rada eusian.
“Emh….kuring kudu sabar jeung sholat” ngomong sorangan. Bari terus anjog ka masjid seja istirahat, bari terus ngalaksanakeun sholat berjemaah.
:tapi ieu, awak leuleus, panon ranyay…..” sora kuring haroshos. Plek,….poek tetempoan, kadituna duka kumaha ?
Cenah kuring kapiuhan (pingsan) di masjid, nu mirosea kaayaan kitu the Pa Ustad DKM masjid didinya. Bari saterusna tumanya ka kuring, saha ngaran timana asal, panjang lebar pisan, teu aya nu tinggaleun. Nya kitu deui kuring ngajawab sakumaha nu ditanyakeun, teu aya nu kaliwat.
Nu ahirna kuring seja guguru ka Bapa Ustad, ti kawit soal agama, kitu deui soal kahirupan duniawi. Pa Ustad ibarat kolot pribadi.
Cukup lila guguru ngaji jeung guguru hirup di Pa Ustad téh, teu karasa tos kaitung 10 taunan. Diajar téh teu wungkul ngaji, tapi dakwah ngawakilan Pa Ustad, tur antukna bisa sorangan. Nya kitu Pa Ustad téh leukeun, telatén, sabar tur nyaah ka kuring siga ka anak sorangan.
Alhamdulillah, kiwari mangsa dewasa moal rek lunca-linci kamana karep, saperti cara mangsa katukang. Rek panceg pamadegan : seja bakti ka ibu-rama, hormat ka guru, handap asor ka sasama, tur pasrah sumerah – tumamprak ka nu Kawasa, ka Gusti nu Maha Suci, Alloh Subhanahu wa ta’ala. Bari jeung ngajalankeun parentahna, tur nyingkahan kana sagala rupi cegahanana. Amiin .


Rabu, 04 Desember 2013

BIOGRAFI RA KARTINI



BIOGRAFY BASA SUNDA

Biografi RA Kartini
Nami : Raden Ajeng Kartini
Lahir : Jepara, Jawa Tengah, tanggal 21 April 1879
Pupus : Tanggal 17 September 1904, (waktos babaran putera cikalna)
Pendidikan : E.L.S. (Europese Lagere School), satingkat sareng SD
Caroge : Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati Rembang
Prestasi :
- Ngadegkeun sakola pikeun wanoja di Jepara
- Ngadegkeun sakola pikeun wanoja di Rembang
Kempelan serat-serat:  Door Duisternis tot Licht (Habis Gelap Terbitlah Terang).
Penghormatan  :
- Gelar Pahlawan Kemerdekaan Nasional
- Dinten Babarna tanggal 21 April ditetapkan mangrupi dinten besar
Sumber:
- Album Pahlawan Bangsa Cetakan ke 18, penerbit PT Mutiara Sumber Widya
- Wajah-Wajah Nasional cetakan pertama. Karangan: Solichin Salam
Raden Ajeng Kartini (1879-1904)
Pejuang Kamajengan Wanoja
Door Duistermis tox Licht, Habis Gelap Terbitlah Terang, nyaeta judul buku tina tina kempelan serat-serat Raden Ajeng Kartini nu kakoncara. Serat-serat nu diseratkeun kangge sobat-sobatna di nagara Belanda eta saterasna janten bukti sakumaha ageungna kahoyong tina Kartini pikeun ngaleupaskeun kaumna tina diskriminasi nu geus ngabudaya waktos zamanna.
Buku eta janten ngahudanggkeun sumanget para wanoja Indonesia dina merjuangkeun hak-hakna. Perjuangan Kartini teu ukur diserat di luhur kertas tapi dibuktoskeun ku ngadegkeun sakola gratis pikeun anak gadis di Jepara sareng Rembang.
Waktos eta, Raden Ajeng Kartini nu lahir di Jepara, Jawa Tengah tanggal 21 April 1879, saleresna estu mihoyong tiasa ngagaduhan pendidikan nu langkung luhur, mung mangrupina kabiasaan sareng waktos harita, ngajantenkeun anjeunna henteu diwidian  ku sepuhna.
Anjeunna mung sakola sakola dugi ka E.L.S. (Europese Lagere School) atanapi atanapi satingkat tingkat sareng sakola sakola dasar. Tamat  E.L.S, Kartini teras dipingit mangrupi  kabiasaan atanapi adat-istiadat nu lumrah di tempat babarna dimana hiji wanoja atos rengse namatkan sakola di tingkat sakola dasar, kedah ngajalankeun masa pingitan dugi ka waktosna pikeun rimbitan.
Mayunan eta kanyataan, Kartini rumaja nu loba campur gaul sareng sareng jalmi-jalmi terpelajar tur seneng maos buku khususna buku-buku ngeunaan kamajengan wanoja wanoja sapertos karya-karya Multatuli “Max Havelaar” sareng karya tokoh-tokoh pejuang wanoja di Eropa.
Ti kawit harita, anjeunna gaduh kahoyong sareng tekad nu kuat kangge kangge ngamajukeun  sakola kangge ngamajukeun wanoja wanoja “bangsana, Indonesia. Sareng ngalengkah   kangge ngamajukeun kaum wanoja nyaeta kucara ningkatkeun tarap pendidikan para wanoja. Pikeun ngarealisasikeun cita-citana eta, anjeunna anjeunna ngawitan ku ngadegkeun sakola kangge anak gadis di daerah babarna, Jepara. Di eta sakola anjeunna ngajarkan palajaran ngaput, nyulam, masak, sareng rupi-rupi. Sadaya katerampilan didugikeun ka murid-muridna kalayan garatis.
malah kangge ngawujudkeun cita-citana, anjeunna anjeunna ngalajeungkeun ka Sakola Guru di Nagara Belanda ,maksadna supados anjeunna tiasa janten guru nu langkung tinuwih.  Kalayan dukungan ti rerencanganna urang Walanda, Nyi Ajeng Kartini Kartini kenging beasiswa kangge ngalajengkeun sakola di nagara Walanda. Tapi, ramana,  Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati di Rembang, teu ngawidian anjeunna. Malah ramana ngahalangan tekadna ku cara maksa RA Kartini supados rimbitan.
Sanaos seueur halangan harungan nu ngajegal cita-citana, tapi RA Kartini teu kateter tekadna. Saatos atos nikah, anjeunna anjeunna masih ngadegkeun ngadegkeun sakola di Rembang salian sakola di Jepara nu atos didirikeun sateuacan rimbitan. Naon anu dipidammel anjeunna janten conto nu saterasna diturutan ku wanoja-wanoja lainna ku ngadegkeun ‘Sakola Kartini’ di tempat masing-masing sepertos di Semarang, Surabaya, Yogyakarta, Malang, Madiun, sareng Cirebon.
Naon  nu atos dipilaku  RA Kartini estu seueur langkung seueur pangaruhna kangge anjeunna kangge kebangkitan bangsa urang. Mingking bakal langkung langkung ageung sareng langkung seueur nu dipilaku ku anjeunna kangge kamajuan wanoja Indonesia, pami Allah masihan yuswa nu langkung lami. Mung Allah mikahoyong sanes, anjeunna pupus dina yuswa masih ngora keneh, 25 taun,  tanggal 17 September 1904, waktos ngalahirkeun putera cikalna.
Ngemutkeun ageungna jasa Kartini netepkeun Kartini kangge bangsa urang nya atas nami nagara, pamarentahan Presiden Soekarno, Presiden Presiden Mimiti Republik Indonesia ngawedalkeun Keputusan Presiden Republik Indonesia No.108 Tahun 1964, tanggal 2 Mei 1964 nu netepkeun Kartini mangrupi mangrupi Pahlawan Kemerdekaan Nasional tur netepkeun dinten lahir Kartini, tanggal 21 April, pikeun dipikaemut unggal taun nu saterasna dikenal mangrupi Dinten Kartini.